Top Banner
Kelompok 4 Alfi Nurzaki Azis Dwi Septianto Maghfira Firstia Mulyawan Mohammad Suhud Farabi Noviani Ester
17

Siaran Radio/televisi

Dec 18, 2014

Download

Documents

 
Welcome message from author
This document is posted to help you gain knowledge. Please leave a comment to let me know what you think about it! Share it to your friends and learn new things together.
Transcript
Page 1: Siaran Radio/televisi

Kelompok 4

Alfi NurzakiAzis Dwi SeptiantoMaghfira Firstia MulyawanMohammad Suhud FarabiNoviani Ester

Page 2: Siaran Radio/televisi

SiaranSiaran nyaéta distribusi sinyal sora (audio) jeung

atawa gambar (vidéo) anu ngirimkeun program-program ka para pamiarsa atawa kaum dangu.

Aya rupa-rupa sistem siaran. Sistem siaran anu paling loba nyaéta siaran lokal sawates sahiji wewengkon kota jeung wewengkon anu leuwih heureut tibatan kota. Contona siaran nu maké daya listrik leutik anu mancarkeun program-program radio atawa televisi di hiji kota.

Page 3: Siaran Radio/televisi

Urang bisa siaran ngagunakeun rékaman jeung siaran sacara langsung. Siaran ngagunakeun rékaman ngamungkinkeun koréksi kasalahan jeung ngaleungitkeun materi anu kaleuleuwihan atawa teu dipikahayang, nyusun ulang, nerapkeun slow-motion jeung pangulangan, sarta téknik-téknik lain pikeun ningkatkeun pidangan program.

Sanajan kitu, sabagian siaran langsung ogé, saperti siaran olah raga jarak jauh, bisa ngasupkeun sababaraha aspék kasebut saperti klip slow motion asupna bal kana gawang dina siaran langsung kasebut.

Page 4: Siaran Radio/televisi

RadioRadio nyaéta pangiriman sinyal nirkabel,

ku cara numpangkeun atawa nga-modulasi sinyal informasi kana gelombang éléktromagnétik dina jajaran frékuénsi handapeun frékuénsi cahaya katémbong.

Informasi dibawa sacara sistematik ku cara ngarobah sababaraha sifat gelombang anu dipancarkeun, saperti amplitudo atawa frékuénsina.

Page 5: Siaran Radio/televisi

Sajarah Siaran Radio di Indonesia

Dina tanggal 17 Agustus 1945, waktu Indonesia ngaproklamasikeun kamardékaannana, proklamasi kamerdékaan kasebut dipancarkeun ka sakuliah Indonesia ngagunakeun hiji pamancar jieunan saurang amatir radio anu ngaranna Gunawan. Jasa Gunawan diaku ku Pamaréntah. Sabagé panghargaan, pamancar radio jieunannana dipintonkeun dina Museum Nasional Indonesia.

Page 6: Siaran Radio/televisi

Dr Abdulrachman Saleh jeung Jusuf Ronodipuro ogé nyieun pamancar radio anu ditempatkeun dibagian Faal Sekolah Tabib Tinggi Jakarta (anu satuluyna jadi FKUI) sarta dina tanggal 22 Agustus 1945 ngajomantarakeun “The Voice of Free Indonesia”. Dina peuting tanggal 11 Séptémber 1945, di imahna Adang Kadarisman, Dr. Abdulrachman Saleh mingpin rapat anu nandakeun ngadegna Radio Republik Indonesia (RRI).Pamaréntah ngajadikeun ieu gedong salaku gedong siaran RRI Jakarta.

Page 7: Siaran Radio/televisi

Daftar Siaran Radio anu nyiarkeun kandungan lokal kasundaan

• Radio Pertanian Ciawi (RPC); 95,3 FM, 846 AM Stéréo

• Radio Republik Indonesia 2 Bogor

Page 8: Siaran Radio/televisi

Televisi

Televisi (di Indonésia 'televisi' sacara teu resmi disebut TV, tivi, tévé atawa tipi), nyaéta hiji alat keur nangkep siaran nu aya gambaran. Kecap televisi asalna tina kecap tele jeung vision; nu hartina masing-masing nyaéta jauh (tele) jeung katempo (vision). Jadi televisi hartina katempo ti jarak nu jauh. Pamanggihan televisi disajajarkeun jeung pinanggihna roda, sabab kapanggihna televisi ieu bisa ngarobah peradaban dunya.

Page 9: Siaran Radio/televisi

Sajarah Siaran Televisi di Indonesia

• Dina taun 1961, Pamaréntah Indonésia mutuskan pikeun ngaasupkeun proyék média massa televisi kana jero proyék pangwangunan Asian Games IV anu dikoordinasikeun ku Urusan Proyék Asian Games IV.

• Dina tanggal 25 Juli 1961, Menteri Penerangan ngaluarkeun SK Menpen No. 20/SK/M/1961 ngeunaan pambentukan Panitia Persiapan Televisi (P2T).

• Dina tanggal 23 Oktober 1961, Presidén Soekarno anu keur aya di Wina ngirimkeun téléks ka Menteri Penerangan mangsa harita, Maladi, pikeun gancang-gancang nyiapkeun proyék televisi kalayan jadwal:

• Ngawangun studio di urut AKPEN di Senayan (TVRI ayeuna).• Ngawangun dua pamancar: 100 watt jeung 10 Kw kalayan

munara anu jangkungna 80 méter.

Page 10: Siaran Radio/televisi

• Dina tanggal 17 Agustus 1962, TVRI mimiti ngayakeun siaran percobaan dina acara HUT Proklamasi Kamerdékaan Indonesia XVII ti buruan Istana Merdéka Jakarta, kalayan pemancar cadangan anu kakuatannana 100 watt. Tuluy dina tanggal 24 Agustus 1962, TVRI ngajomantara pikeun munggaran kalayan acara siaran langsung upacara pambukaan Asian Games IV ti stadion utama Gelora Bung Karno.

• Dina tanggal 20 Oktober 1963, dikaluarkan Keppres No. 215/1963 ngeunaan pambentukan Yayasan TVRI kalayan Pimpinan Umum Presidén RI.

• Dina taun 1964, mimiti ditaratas pangwangunan Stasiun Panyiaran Daérah dimimitian ku TVRI Stasiun Yogyakarta, anu satuluyna diteruskeun ku pangwangunan Stasiun Medan, Surabaya, Ujungpandang (Makassar), Manado, Denpasar jeung Balikpapan (bantuan Pertamina).

Page 11: Siaran Radio/televisi

Daftar Siaran Televisi anu nyiarkeun kandungan lokal kasundaan

• Pajajaran

Page 12: Siaran Radio/televisi

Istilah Komunikasi

Dina eusi siaran radio diluhur aya kecapa acara, radio, gelombang, FM jeung midang. Eta kecap kecap the kaasup kana istilah komunikasi. Acara hartina hiji hal atawa poko nu rek dipindangkeun, radio hartina pesawat paranti narima siaran ngaliwatan gelombang nu geus ditangtukeun, gelombang hartina getaran sora nu aya dina radio, FM hartina gelombang nu aya diina siaran radio, jeung midang hartina mawakeun acara.

Page 13: Siaran Radio/televisi

Conto istilah komunikasi

• Anteneu = Setelan kawat pikeun nangkep atawa nyiarkeun isarat kana gelombang radio/televisi

• Faks = Singgetan tina faksimili• Internet = Sabangsa komputer tapi leuwih

canggih, lamun rek digunakeun kudu make kabel telepon sarta aya situs nu husus

• SMS = (Short Messaging Service), nyaeta nulis pesen atawa amanat ngaliwatan

Page 14: Siaran Radio/televisi

Nuliskeun Deui Jeung Ngomentaran Siaran Radio/Televisi

Sabada nyaho atawa paham kana eusi siaran radio/televisi, pek ku hidep teuleuman sarta catetkeun kekecapan atawa basa Sunda nu digunakeun ku penyiarna. Nu dibahas the upamana ngeunaan:

1. Ragam Basa2. Wangun Kecap

Page 15: Siaran Radio/televisi

1. Ragam BasaSabada nyaho atawa paham dina

guneman bisa digolongkeun kana kecap basa hormat (keur sorangan atawa keur batur) jeung basa loma.

2. Wangun KecapWangun kecap nu digunakeun dina

siaran radio/televisi the naha umumna geus luyu jeung aturan tatabasa Sunda atawa acan

Page 16: Siaran Radio/televisi
Page 17: Siaran Radio/televisi